Kamis, 22 Maret 2012

Doel Sumbang - Polisi Noban (lirik)


brayy...
kmaren saya sempet tulis biografi singkat tentang Doel Sumbang,
kali ini saya mau menuliskan satu lirik lagu yang menurut saya bagus banget nih..
okehh langsung wae ...
(tiasa bari di-play-keun brayy !!)

POLISI NOBAN
poe kemis keur maraban hayam pelung
kuring nampa beja
nini kuring gering parna
di Rajapolah

kuring indit
maksud rek ngalongok
indit teh isuk-isuk ti Bandung

ti Rajapolah
balik teh rada peuting,
bari panon geus rada cepel (da kamari kurang sare pan ngudag setoran, nya bulak-balik)

nepi ka Bandung teh geus liwat teungah peuting
kota oge
geus rada jempling...

Samemeh ka imah nyimpang heula ka Tegalega (maksud teh pan ieu lapar)
ngan nu dagang geus areweuh
nu aya teh tinggal tenda tenda gongli
di tengah lapang Tegalega
nu poek kawas di guha...
(ceunah mah eta teh tempat lalaki jangar nyiar liang belut, keur ngurek kang usep! ngurek. tukang ngurek mana?? gelap gelap)

nya akhirna kuring balik
padahal panon geus teu kuat, bunceeeulik
jalan hampir teu katenjo
nempo beca siga bemo (padahal jauh jauh nya beca jeung bemo) ku tunduh mah kitu

bakat ku tunduh.....
teu sadar kuring ngalenyap....

gas katincek setakerna
mobil ngoloyong ka kenca
hampir naek kana trotoar

kacida kuring reuwasna
rem di tincak satarikna
nepi ngajeurit sorana..

ngajerit maratan langit
kawas ABG katincak buta.. huehuheuh

eta reuwas ge can beak nya.. dijero teh
ujug ujug torojol weh mobil kijang
nya eusina eta aya polisi tilu
tuluy nu dua turun, nu dua turun, nu hiji mah cicing na jero mobil, teu kaciri da rupana poek

nanya SIM jeung STNK bari PEPELEUKEUK nyarita

"NYUPIRAN TEH TONG BARI MABOK ATUH EUY BISI NABRAK JELEMA EUY"
euh.... nah kedah namah sopan santun pulisi teh, tong make sesentak kitu atuh da sanes jaman na ayeuna HEUEUH!.

kukuring geus dijelaskeun
kuring teh tunduh kacida
ngalenyap henteu karasa
tapi angger, pulisi teu daek percaya..

malah ngomong ngomong menta denda dua puluh rebu
jeung bari setengah maksa
aya ku euweuh ka era...

padahal teu menang eta dina peraturan na kitu teh, ngan pikir pikir lah percuma

pasea oge henteu guna
da pasti nu menang maneh na
bari teru rido hate da kapaksa kuring mere
nya da ari meunang duit tina teu rido tea mah tuh moal jadi daging percuma, moal jadi bekok bekok acan,
nupuguh mah jadi dosa, tapi bae lah da eta mah urusan manehna.
ngan kuring mah jadi hayang nanya naha aya undang-undang na jelema nyupiran ngalenyap di denda. tah eta nu can jelas teh, lamun seug aya peraturanna teu nanaon kuring ngarumas, ngan lamun euweuh berarti eta nu ngaranan OKNUM teh.. kitu...

maka kahatur ka bapak KAPOLDA
nu kitu teh teu kenging aya
bilih ngareksak citra polisi
kan aya paribahasan
"karena nilai setitik rusak susu sebelanga" kulantaran oknum dua Polisi ical wibawa.

teuing pokonamah polisi nateh torojol ti muhammad toha. weh tidinya

tah sakitu panginten, ka bapak bapak anu tiluhur nu gaduh wewenang, hatur nuhun pisan ti simkuring, rumasa simkuring mah rahayat leutik nu loba teu ngarti ku tingkah polah polisi, Wassalam.. abdi Doel Sumbang dan Teman Teman...

(source:http://lvldoom.blogspot.com/2010/10/pulisi-noban-lyrics-polisi-20000.html)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar